WAJIB NGUPAYAKEUN TEGAKNA SYARIAT ISLAM ❗

 



Bismillāhirraḥmānirraḥīm.

Dinten-dinten kamari urang parantos uninga tanggal 1 Juni dipikawanoh minangka “Hari Lahir Pancasila”. Tangtu loba nu muji, loba nu ngabéla, komo aya nu nepi ka nganggap Pancasila tèh siga barang nu sakral pisan. Padahal lamun dipikiran sacara jero, Pancasila tèh ngan sa-ukur falsafah nagara nu sipatna multitafsir. Bisa ditafsir ku nasionalis sekuler, bisa ku komunis, komo ku umat Islam gé sok dipatalikeun jeung Islam.

Memang aya sawatara eusina nu siga sajalan jeung syariat Islam komo dina sila ka hiji "Ketuhanan yang maha Esa" sok disamikeun sareng tauhid sesuai Qs. Al-Ikhlas ayat 1 "Qulhuwallohu Ahad". Tapi tetep baè, éta mah lain Islam. Èta mah ukur “cocoklogi”, nu kadang osok ogè sila ka hiji èta dianggap kanggè ngabenerkeun pluralisme. Kusabab kitu ogè Islam mah geus sampurna, geus lengkep aturanana tina urusan ibadah nepi ka urusan ngatur nagara, ekonomi, hukum, pendidikan, nepi ka urusan pamarentahan.

Sedengkeun Pancasila?

Lamun aya korupsi, naon solusi sistemna?

Lamun harga-harga mahal, naon aturan ekonomina?

Lamun riba ngarajalèla, naon hukumanana?

Lamun zina, judi, narkoba, jeung kamaksiatan nyebar dimana-mana, naon jalan kaluarna?

Teu aya.

Nu aya mah ukur slogan jeung jargon.

Tapi nu matak prihatin tèh, sok sanajan loba nu ngaku “Pancasilais”, “Nasionalis”, “NKRI Harga Mati”, nyatana loba kénéh nu korupsi, zolim ka rakyat, nipu masarakat, jeung ngahianat amanah.

Hartina naon?

Masalah bangsa ieu lain kurang slogan. Tapi kurang taatna jalma kana hukum Allah.



HUKUM ALLAH TEU BOLEH DITINGGALKEUN 

Allah Ta’ala ngadawuh:

﴿ وَأَنِ احْكُم بَيْنَهُم بِمَا أَنزَلَ اللَّهُ وَلَا تَتَّبِعْ أَهْوَاءَهُمْ وَاحْذَرْهُمْ أَن يَفْتِنُوكَ عَنۢ بَعْضِ مَا أَنزَلَ اللَّهُ إِلَيْكَ ۖ فَإِن تَوَلَّوْا فَاعْلَمْ أَنَّمَا يُرِيدُ اللَّهُ أَن يُصِيبَهُم بِبَعْضِ ذُنُوبِهِمْ ۗ وَإِنَّ كَثِيرًۭا مِّنَ ٱلنَّاسِ لَفَٰسِقُونَ ﴾

“Jeung hendaklah anjeun mutuskeun perkara di antara aranjeunna nurutkeun naon nu geus diturunkeun ku Allah, ulah anjeun nurutan hawa napsu aranjeunna. Jeung ati-ati ka aranjeunna, ulah nepi aranjeun ngagoda anjeun tina sabagian hukum nu geus diturunkeun Allah ka anjeun. Lamun aranjeunna berpaling, mangka teranglah yèn Allah rèk nimpa aranjeunna ku sabagian dosa-dosana. Jeung saenyana loba pisan manusa tèh jalma-jalma fasèk.”

(QS. Al-Mā’idah: 49)

Tingali kumaha tegesna Allah maréntahkeun supaya hukum nu dipaké dina kahirupan tèh kudu hukum Allah. Lain hukum hawa napsu manusia. Lain hukum hasil kompromi politik. Lain hukum nu robah-robah nurutkeun kapentingan penguasa.

Sabab lamun hukum Allah dicampakeun, akibatna bakal karasa ku umat manusa sorangan.



KAHIRUPAN JADI SEMPIT 

Ayeuna urang tingali kaayaan:

▪ Harga sembako marahal

▪ Pajeg naék

▪ Pangangguran dimana-mana

▪ Riba ngarajalela

▪ Judi online nyebar

▪ Zina dianggap biasa

▪ Aurat dibuka dimana-mana

▪ Korupsi teu aya eureunna

▪ Hukum tajam ka rakyat leutik tapi tumpul ka nu boga duit

Ieu kabèh tèh akibat hukum Allah teu diterapkeun.

Allah parantos ngingetkeun:

﴿ وَمَنْ أَعْرَضَ عَن ذِكْرِي فَإِنَّ لَهُۥ مَعِيشَةً ضَنكًۭا وَنَحْشُرُهُۥ يَوْمَ ٱلْقِيَٰمَةِ أَعْمَىٰ ﴾

“Cing sahawaè nu berpaling tina peringatan Kami, mangka pikeun manèhna bakal aya kahirupan nu sempit, jeung dina poé kiamat bakal Kami hudangkeun manèhna dina kaayaan buta.”

(QS. Ṭāhā: 124)

“Mā‘īsyatan ḍonkā” hartina kahirupan nu sempit. Sanajan gedong jangkung, jalan tol loba, mall megah, tapi lamun jauh tina hukum Allah, hatè tetep gelisah, ekonomi tetep susah, kajahatan tetep mekar.



PILIH KATEGORI NU MANA? 

Allah nepi ka ngulang tilu kali dina surat Al-Mā’idah ngeunaan jalma nu teu makè hukum Allah.

﴿ وَمَن لَّمْ يَحْكُم بِمَا أَنزَلَ اللَّهُ فَأُو۟لَٰٓئِكَ هُمُ ٱلْكَٰفِرُونَ ﴾

"cingsaha jalma nu teu berhukum atas perkara nu ku Allah tos diturunkeun, mangka maranehna teh jalma-jalma kafir.”

(QS. Al-Mā’idah: 44)

﴿ وَمَن لَّمْ يَحْكُم بِمَا أَنزَلَ اللَّهُ فَأُو۟لَٰٓئِكَ هُمُ ٱلظَّٰلِمُونَ ﴾

“…mangka maranehna teh jalma-jalma zolim.”

(QS. Al-Mā’idah: 45)

﴿ وَمَن لَّمْ يَحْكُم بِمَا أَنزَلَ اللَّهُ فَأُو۟لَٰٓئِكَ هُمُ ٱلْفَٰسِقُونَ ﴾

…mangka maranehna teh jalma-jalma fasik.”

(QS. Al-Mā’idah: 47)

Naudzubillah!.

Allah henteu sakali nyebut. Tapi tilu kali. Ieu nandakeun pentingna hukum Allah dina kahirupan.



ULAH GAMPANG KATIPU KU PENCITRAAN 

Kiwari loba jalma gampang kagét ku pencitraan.

Aya pemimpin nu katingalina sederhana → langsung dipuja.

Aya pejabat nu sok turun ka pasar, solokan bahkan ka gorong² → langsung dianggap penyelamat rakyat.

Aya tokoh nu pandai pidato → langsung dianggap pahlawan.

Padahal nu kudu ditingali mah lain gaya jeung pencitraanana. Tapi:

“Hukum naon nu diterapkeun?”

Naha hukum Allah?

Atawa hukum sekuler warisan penjajah?

Sabab sanajan katingalina merakyat, lamun aturan nu dipaké lain aturan Allah, hasilna tetep waè bakal melahirkan kedzoliman.



NGUPAYAKEUN TEGAKNA SYARIAT ISLAM 

Ku sabab èta, urang salaku umat Islam wajib ngupayakeun tegakna syariat Islam sacara kaffah.

Ieu perjuangan lain ngan keur kyai, ustadz, atawa ajengan hungkul. Tapi jadi kawajiban sakumna kaum Muslimin nu geus mukallaf.

Boh manèh petani, pedagang, mahasiswa, pelajar, guru, buruh, pegawai, polisi, atawa profesi naon waè — sadayana boga kawajiban dakwah.

Carana kumaha?

▪ Ngaji Islam sacara kaffah

▪ Milu kana majelis atawa harokah nu istiqomah ngabahas syariat Islam

▪ Silih ajak dina kahadèan

▪ Nyebarkeun dakwah

▪ Ngabina umat supaya sadar kana pentingna hukum Allah

Sabab dakwah moal kuat lamun sosoranganan. Dakwah butuh jamaah, butuh persatuan, butuh silih kuatkeun.

Tapi kudu diinget:

Urang teu maksa.

Urang teu ngakukeun kekerasan.

Urang teu ngalakukeun teror.

Urang ngan ukur ngajak jeung ngupayakeun.

Soal aya nu narima atawa nolak, éta mah urusan manèhna jeung gusti Allah.

Allah Ta’ala ngadawuh:

﴿ يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوٓا۟ إِن تَنصُرُوا۟ ٱللَّهَ يَنصُرْكُمْ وَيُثَبِّتْ أَقْدَامَكُمْ ﴾

“Hai jalma-jalma nu iman, lamun maraneh nulungan agama Allah, mangka Allah bakal nulungan maraneh jeung nguatkeun léngkah maraneh.”

(QS. Muḥammad: 7)



■ HIKMAH & HAREPAN ■

Urang yakin, lamun umat ieu balik deui kana iman jeung taqwa, balik deui kana syariat Allah, maka berkah langit jeung bumi bakal turun.

Allah parantos ngajangjikeun:

﴿ وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ ٱلْقُرَىٰٓ ءَامَنُوا۟ وَٱتَّقَوْا۟ لَفَتَحْنَا عَلَيْهِم بَرَكَٰتٍۢ مِّنَ ٱلسَّمَآءِ وَٱلْأَرْضِ وَلَٰكِن كَذَّبُوا۟ فَأَخَذْنَٰهُم بِمَا كَانُوا۟ يَكْسِبُونَ ﴾

“Lamun sakirana penduduk hiji nagri iman jeung bertaqwa, tangtu Kami bakal muka keur maranehna berkah ti langit jeung bumi. Tapi maranehna ngadustakeun, mangka Kami siksa maranehna lantaran naon nu maranehna lakukeun.”

(QS. Al-A‘rāf: 96)

Mugia Allah masihan hidayah ka urang sadaya, nguatkeun iman urang, jeung ngajadikeun urang bagian tina jalma-jalma nu istiqomah ngupayakeun tegakna syariat Islam.

Wallāhu a‘lam bish-ṣawāb.


Posting Komentar untuk "WAJIB NGUPAYAKEUN TEGAKNA SYARIAT ISLAM ❗"