Jalmi Anu Soleh : Anu Bisa Ngajalankeun Hak Allah Jeung Hak Hamba-hamba Allah

 ✍️By. Kyai Abdul Rosyad (pak Osad)




Hak Allah nyaèta sakabèh ibadah jeung kahirupan kudu daèk diatur ku syariat-Na. Henteu ngan ukur shalat jeung saum hungkul, tapi oge ngaliput muamalah, akhlak, nepi ka siyasah (politik). Ayeuna seueur jalma anu takabur, nolak kana aturan Allah, malah nyieun aturan sorangan anu teu aya asalna tina Islam. Padahal jelas aturan saperti kitu téh tertolak.


Dalilna, sabda Rasulullah ﷺ:


> «مَنْ عَمِلَ عَمَلًا لَيْسَ عَلَيْهِ أَمْرُنَا فَهُوَ رَدٌّ»

(Barang saha anu ngalakukeun hiji amalan anu henteu aya perintahna ti Kami, mangka eta amalan téh ditolak).

(HR. Muslim)




Jadi, sagala perkara kudu diputuskeun ku Allah ngaliwatan Rasulullah ﷺ. Firman Allah Ta’ala:


> فَلَا وَرَبِّكَ لَا يُؤْمِنُونَ حَتَّى يُحَكِّمُوكَ فِيمَا شَجَرَ بَيْنَهُمْ ثُمَّ لَا يَجِدُوا فِي أَنْفُسِهِمْ حَرَجًا مِمَّا قَضَيْتَ وَيُسَلِّمُوا تَسْلِيمًا

(Tapi demi Rabb-mu, maranéhanana henteu bakal iman nepi ka ngajadikeun anjeun (Muhammad) salaku hakim dina perkara anu diperdebatkeun di antara maranéhna. Teras maranéhna henteu ngarasa sempit dina hatina kana putusan anjeun, sarta narima jeung pasrah sacara sampurna).

(QS. An-Nisa: 65)




Hartina, lamun tacan ngajadikeun Rasul ﷺ salaku pemutus perkara, urang can asup kana golongan jalma anu iman sajati.


Hak hamba Allah nyaeta hak anu patali jeung hubungan urang jeung sasama manusa. Islam parantos ngatur kumaha urang kudu bersikap: boh jeung lawan jenis, boh jeung sesama jenis, boh jeung atasan atawa bawahan. Sadayana aya tuntunanna, henteu meunang asal-asal atawa sakarep sorangan.


Ku kituna, iman urang kudu dibuktikeun ku dua hal:


1. Ngajalanan hak Allah kalayan taat kana syariat-Na.



2. Ngajalanan hak hamba Allah kalayan adil jeung bener nurutkeun tuntunan Rasulullah ﷺ.





---


Hikmah jeung Harapan


Jalmi anu soleh téh lain ngan ukur anu rajin ibadah ritual, tapi anu sanggup ngajalankeun hak Allah jeung hak hamba-hamba-Na. Mugia urang sadayana tiasa jadi jalma anu iman jeung taat, henteu ngan ukur dina ucapan tapi ogé dina praktek kahirupan sapopoe. Jeung mudah-mudahan deui urang termasuk jalmi anu ngupayakeun kana supaya syariat Islam tiasa kembali tegak dimuka bumi iyeu.


Wallahu a’lam bish-shawab 🌿


Posting Komentar untuk "Jalmi Anu Soleh : Anu Bisa Ngajalankeun Hak Allah Jeung Hak Hamba-hamba Allah"